RSS

Karangan Éséy nyaéta


Karangan Éséy

            Anu di maksud éséy nyaéta karangan pondok dina wangun lancaran. Pangna di sebut pondoktéh dumeh dina karangan éséy mah tara aya anu maké bab atawa pasal tapi ngaguluyur .
            Éséy téh di ajangkeun pikeun bacaeun umum anu matak, eusina téh kudu ngasipatan komunikatif. Dina nyieun judulna ogé kudu ngagunakeun ungkara kalimah anu ngahudang pikeun kapanasaran.
            Anu di bahasna lain pasualan anu pabaliut tur beurat , namung gaya bahasana hampang.
matak karangan  éséy umumna di muat dina koran atawa majalah.
Tujuan nana pikeun ngadiskusikeun hiji pasualan, midangkeun pandangan, atawa ngajak balaréa narima poko pikiran anu keur di pedarkeun. Ari anu sok di jieun jejerna mah bisa ngeunaan naon waé , bebas , sanajan éséy téh kaasup bacaan hampang, tapi angger waé sok di barengan ku data jeung hasil talaah atanapi pakta.

 Ciri cirina éséy diantawisna :

- Dina Gaya bahasa na hampang.
-Ngabahas pasualan anu hampang tur sederhana.
-Teu ka iket ku jejer, Jejerna mah bisa bebas.
-Di barengan ku pakta tur hasil talaahan.
-Mangrupa Karangan pondok dina wangun lancaran.




Aya sababaraha hiji tujuan pikeun nulis éséy, diantawisna:

-Pikeun ngabahas hiji pasualan.
-Midangkeun hiji pandangan anu ka ukur.
-Ngajak kanu maca pikeun bisa narima kana pikiran anu di pedarkeun.



Contoh éséy:

                                                            Bisa basa sunda loba manfaatna

            Kiwari loba masyarakat utamana anu aya di kota gedé anu geus ninggalkeun basa sunda.
Maranéhna geus tara nyarita maké basa sunda, sok sanajan asli ti lingkungan kulawarga sunda. Malah asli natéh ti kampung, sabab di kotamah ukur ngumbara.

            Maké basa sundamah di anggapna tinggaleun jaman jeung kampungan atawa bisa waé pangna teu ngagunakeun basa sunda téh sabab ngarasa sieun salah tur padahal basa indonesia anu di pake ku manehna lain basa indonesia anu alus jeung bener. Ukur basa indonesia anu gedé kapangaruhan ku basa malayu betawi.

            Umpamana waé ngagunakeun kecap ngabenerin, ngemaluin, ngebayangin, membikin, jeung sajabana anu ceuk aturan bahasa indonesia mah salah.
Sok rajeun aya kolot anu boga anggapan mun ankna di ajar basa sunda, engkénatéh bakal ngagokakan dina geus mimiti di ajar bahasa indonesia di sakola, jadi geus waé sina langsung di ajar bahasa indonesia, ngarah éngké basa indonesiana pinter.

            Tétéla éta anggapan téh salah. Ceuk hasil panalumpikan, lamun budak di wanohkeun heula kana basa sunda, dina engké di ajar basa indonesia natéh leuwih babarieun. Malah engké natéh budak bakal leuwih pinter basa indonesiana tibatan budak anu teu di ajar basa sunda.
Cindekna: budak anu alus basa sunda na geus bisa di pastikeun bakal alus basa indonesiana.

0 komentar:

Poskan Komentar

 
Free Website templateswww.seodesign.usFree Flash TemplatesRiad In FezFree joomla templatesAgence Web MarocMusic Videos OnlineFree Wordpress Themes Templatesfreethemes4all.comFree Blog TemplatesLast NewsFree CMS TemplatesFree CSS TemplatesSoccer Videos OnlineFree Wordpress ThemesFree Web Templates